Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98
 

Sanajan mun kuring pangkat,
Eukeur mah taya sawios,
Sarta halangan ka nu pangkat,
Da urang téh hanteu béda,
Kawajiban nu ti luhur,
Nya ukur ka nu ti handap.

4.

Kaul kalawan gusti,
Gusti kalawan kaula,
Sakitu deui Engkang téh,
Ulah kena anak somah,
Henteu kersa diakuan,
Dén Ahmad bari dituyun,
Bari ditowél lambeyna.

5.

Mesem barina jeung manis,
Sor leuleut sareng harga,
Lemareun sayagi kabéh,
Sareng deui Siti Bagdad,
Teu weléh ka Radén Ahmad,
Rét ka handap rét ka luhur,
Ta (sic) katingal mana uwang.

6.

Ari uwang kapan misti,
Hiji lawang saratus dinar,
Pulang pegi kitu kabéh,
Siti Bagdad panasaran,
Seug nyaur ka Radén Ahmad,
Engkang di dieu di kantun,
Sakedap dikantun lenggah.

7.

Sim kuring arék ka cai,
Radén ahmad saur mangga,
Teu lami den putri miyos,
Geus sumping ka jaga lawang,