Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
1
 

BABAD SUMEDANG

1. Pupuh Asmarandana


    //
  1. Kawula hatur pangéling, 1
    ka sadaya kadang warga,
    ka nu sepuh ka nu anom,
    dina hal ieu carita,
    sumawona aksarana,
    awonna kaliwat langkung,
    wantu sim kuring teu ngalap.

  2. Aksarana henteu uni,
    ngan pikeun lulumayanan,
    aksarana kasar kabuh,
    kawantu henteu sakola,
    ngan kuring bawaning hayang,
    sugan laun-laun becus,
    bawaning ku dileuleukan.

  3. Kuping kuring enggeus yakin,
    soca anu enggeus nyata,
    gentarna anu geus jongok,
    enggeus nyata sadayana,
    anu aya dina papan,
    pangambung anu geus nungtung,
    jumenengna ing kawula.

  4. Kakara jumeneng gusti,
    tapi kudu harti pisan,
    tingkah polah éta kabuh,
    kanyataan kanugrahan,
    karasa teu asa-asa,
    raos anu sapatemu,
    nu murba sakabéh alam.