Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/2

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
2
 

  1. Alam masing kaharti,
    keur waktu dina ibarat,
    ĕta bĕda-bĕda kabĕh,
    rupana reujeung basana,
    keur waktu dina muktina,
    aksara nu tilu puluh,
    pabalatak rupa-rupa.

  2. Ĕta tĕh kudu kaharti,
    nu tilu puluh aksara,
    sarĕatna kitu kĕnĕh,
    sarĕat geus puguh pisan,
    sumawona hakĕkatna,
    aksara nu tilu puluh,
    beunangkeun ĕta sundana.

  3. Ma’rifatna kudu yakin,
    sumawon reujeung sulamna,
    aksara jeung rupa kabĕh,
    enggeus nyata dina papan,
    manah manĕh tĕh nyatana,
    mawurna tĕh dina waktu,
    nu lima perkara tĕa.

  4. Awak nu opat perkawis,
    nya ĕta ngaran sambeyang,
    aksarana wau jeung bĕ,
    nya ĕta aksara kasar,
    ari ngaran salat ĕta,
    anu sunat migawĕna waktu,
    nya ĕta nu ngaranna salat.

  5. Aya basa salat hiji,