| sambahiyang anu opat, //
tah aksara dua kénéh,
nya éta ngaranna tingkah,
nya éta ngaran saréat,
ari salat anu peredu,
nya éta ngaranna islam. |
|
| 10. | Islamna mah sing kaharti,
euweuh nu opat perkara,
sabab hanteu kacarita,
aya sawangan babasan,
kumpul nu hiji perkara,
rupa rupi reujeung semu,
mungguh tina hiji rupa. |
|
| 11. | Rupa anu hiji rupi,
warna éta geus opat,
ngaran kitab nu bolongor,
nya éta di kalam mangsa,
kalam mangsi anu nyata,
jeung dalil tajibul wujud,
wujudna éta nu nyata. |
|
| 12. | Tah éta enggeus patitis,
tatakeun ku polah urang,
mangga masing kahartos,
larapkeun kana salira,
ulah pisan lalawora,
bisi matak jadi seru,
ahirna jadi tunggara. |
|
| 13. | Ari asalna sim kuring,
nukil tina kitab kuna,
asalna pusaka kahot, |