Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
4

dingaranan teu ranggana,
beunangna anu baheula,
geura dangu anom sepuh,
kudu puguh mamanisna.

2. Pupuh Dangdanggula
//1. Nu direngga direnggi ku ati,
nu dikarang ieu téh carita,
lumayan keur misil conto,
tékadna anu saéstu,
hal salira nu sajati,
béréskeun masingna nyata,
sing datang ka buntu,
mun geus buntu tangtuna nyata,
anu matak ka diri perlu gumati,
sing nyaho awak sapata.

2. Manusa téh mun hantem dipikir,
yaktos pisan éta kawas sekar,
mun seug leukeun ngabokér,
lamun ngaharti sukur,
mun teu ngaharti sumangga pikir,
sabab mun henteu dibongkar,
papanggih jeung bukur,
upama tangkal jeung akar,
sakumaha bédana sumangga pikir,
tangkal bédana jeung akar.

3. Kitu deui geura mangga galih,
ulah salah tékad jeung pamolah,
hantem teteg ulah weléh,
dina sipat dua puluh,
hal salira sumangga pikir,
tékad sarawuh pamolah,