Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10
jadi dua sifatullah,

ulah kasemaran ati.

4. Pupuh Asmarandana

1. Kasmaran ati sim kuring,

mikiran diri nu terang,
henteu béda hadé goréng,
ceuk rukun iman geus terang,
hadé goréng polah urang,
manahan ulah kasarung,
hadé goréng polah urang.

2. Sabab sifatna Yang Widi,

éstu henteu pisan béda,
tatapi urang mah bodo,
Alloh taya papadana,
jang sakabéh islam budha,
saupama amis madu,
jeung pilang teu pisan béda.

3. Tatapi manusa pasti,

kasemaran ka pangéran,
nya éta teu acan nyaho,
mun matak kudu tatanya,// 6
ngan lamun geus nyaho akar,
sabab mulya anu agung,
teu beunang pisan dipisah.

4. Sadaya nu sami ngaji,

henteu lian nu diseja,
tékadna téh hayang nénjo,
sifatna Alloh dipuja,
dipuja ku panejana,
muji dikir henteu maju,