Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9
Alloh taya papadana,

hiji ogé tah éta ngan basa wungkul,
mana kateranganana,
teu aya ngajentul bukti.

11. Tah éta geura téangan,

mun kapanggih tangtu urang jadi kafir,
lamun teu kapanggih kufur,
upama henteu kapendak,
geura hantem téangan pék geura guru,
tah éta susah kacida,
tangtu urang jadi kafir.

12. Tah éta kumaha urang,

lamun nyaho tangtu urang jadi kafir,
lamun henteu nyaho kufur,
tah kumaha éta tékad,
nya pamilih susah milih tina kalbu,
ayeuna mah arék wakca,
istuna taya pamilih.

13. Kufur kafir téh manusa,

ulah milih da enggeus ngajentul bukti,
ari basa kafir kufur,
urang téa lamun terang,
kudu sukur sabab teu lian nu wujud,
ari basa wujud aya,
ari aya ieu geuning.

14. Sing nyaho basa dat sifat,

asma af'al opat wujud nu sahiji,
tah éta ngaranna wujud,
urang téh tangtu kufar,
mun teu nyaho kana éta sifat wujud,