Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8
mandalabau lahu goirul wujudi,

saha néangan Yang Agung,
lian tina ayana,
fakod kauna kafiron tah éta kitu,
mun néangan lian urang,
temen-temen jadi kafir.

7. Tatapi néangannana,

susah pisan sabab éta deukeut leuwih,
kapanggih moal patepung,
sababna lamun tepung mah,
jadi dua wujudna nu Maha Agung,
ningali nu ningalian,
tah éta mungguh Yang Widi.

8. Geura sumangga manahan,

kabéh jalma ka Alloh téh sami muji,
yén gusti Alloh téh Agung,
tatapina henteu terang,
teu dirasa istuna ngan béja wungkul,
éta téh sadaya béja,
istuna tuturut munding.// 5

9. Henteu dirasa terangna,

wungkul basa enyana henteu dipikir,
tah éta datang ka kitu,
teu dipikir saenyana,
ana kitu dikirna henteu diaku,
dikir pirang-pirang laksa,
muji muja teu kaharti.

10. Tah éta geura manahan,

sing kacipta éta dina jero galih,
mungguhing gusti Yang Agung,