Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7
2. Nu anyar téh alam arwah,

alam ajal insan kamil anu ahir,
tah éta martabat pitu,
ahirna jadina meta,
sanggeus meta manusa tangtu metu,
nu matak geus dicarita,
metu meta rawuh mati.

3. Geura sumangga manahan,

bab martabat ahadiyat anu dihin,
insan kamil nu panutup,
anu matak geus disebat,
insan kamil martabat ahirna metu,
awal ahir henteu béda,
nya éta nyataning Widi.

4. Wujud Alloh deukeut pisan,

henteu aya antara pisan saeutik,
ngan henteu beunang dituduh,
sabab tina deukeut téa,
ceuk Jawa mah enon ti nona maha agung,
ningali nu ningalian,
kahalangan ku tingali.

5. Hadis téh timbalanana,

roaitu robbi birabi,
fala aula lirobahu,
ningali ka pangéran,
jeung pangéran lamun henteu jeung Yang Agung,
taktos henteu bisa ningal,
lamun henteu jeung Yang Widi.

6. Jeung deui aya lapadna,