Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6

masing luwis ulah luwas,
lamun hayang uninga saméméh lalis,
sing lulus manah hampelas.

7. Nomer hiji kalimah Yang Widi,
nomer dua éta henteu béda,
Muhammad nu katilu,
urang ngaharti kudu,
sahijikeun éta Yang Widi,
sing awas tunggal jeung béda,
saibarat madu,
jeung kalimah éta téa,
Muhammad rawuh Yang Widi,
manah jeung manéh teu béda.

8. Anu matak poma sing patitis,
dina manah poma masing lantas,
sing terus asal tumetas,
sahadatna tangtu putus,
tangtu hiji gancang patitis,
sok leumpang aya nu leupas,
jeung kapas mah enggeus pupus,
tangtu pisan enya éta,
napasna téh tangtuna gé empas empis,
dipungkur ninggalkeun hampas.

3. Pupuh Pangkur
1. Nyarioskeun bab martabat,
ahadiat éta anu jadi bibit,// 4
kadua wahdat disebut,
katiluna wahidiyat,
sadayana éta martabat nu tilu,
sadayana kacarita,
anyar tatapi sabibit.