Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100
 

    mawa surat sinuhun,
    utamana manéh pribadi,
    merlukeun mawa kitab,
    pasal bangsa hukum,
    lamun Geusan Ulun islam,
    kudu turut saungeling hadis dalil,
    anging lamun masih budha.

  1. Gancangna téh pangulu geus indit,
    ti Cirebon ka nagri Sumedang,
    jadi tambah susah téh,
    kudu nanjak ka gunung,
    sésélékét jalanna mmpil,
    harita mimitina,
    ngaran dayeuh luhur,
    tuluy ngadeuheusan,
    ganeangna tĕh ku Geusan Ulun ditampi,
    réh enggeus loma tadina.

  2. Tuluy baé nurut sunan tadi,
    disanggakeun sanggeus sing kaeandak,
    ku Geusan Ulun diaos,
    saunina kamampuh,
    panjang teuning lamun dipikir,
    hai Ratu Harisbaya,
    ka salaki nusud,
    ulah jadi papanjangan,
    ayeuna mah ku manéh tikah sakali,
    tapi beuli tolakna.

  3. Ku panghulu disambungan deui,
    ku pitutur saunining kitab,
    ku Geusan Ulun kahartos,
    tuluy baé ngadawuh,