Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
99
 

    éta utusan drebon,
    kaunjuk ka sinuhun,
    jeung suratna bawa tapi,
    geus diaos suratna,
    ku sunan ka maphum,
    kantenan ngangres galihna,//41
    gancangna ka utusan Cirebon tadi,
    geus ditimbalan mulang.

  1. Sinuhun suratna dipaparin,
    dua surat bawaeun manéhna,
    keur kabupati Cirebon,
    utusan terus lajeng,
    ka Cirebon geus datang deui,
    geus tangtu mulanan,
    lampahna nu mulang wangsul,
    kabatna ieu carita,
    gancangna téh dua surat geus katampi,
    ku Pangéran Girilaya.

  2. Ma'lumna téh surat anu hiji,
    nu tujul ka Pangéran Girilaya,
    Yén sinuhun geus mangartos,
    nyieun ngangresna kalbu,
    pilahirna montong dipikir,
    tangtu papastén téa,
    ti Alloh nu agung,
    jaba kitu surat,
    anu hiji deui nya surat ti kami,
    kirimkeun ka Sumedang.

  3. Tuluy nyaur pangulu jeung patih,
    pilahirna Pangéran Girilaya,
    hadé ku pangulu ku manéh,