Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98
 

    teu unjukan syukur kajadina,
    sumelang senang bebendu,
    siga teu sembah nuhun,
    ganjaran henteu dipusti,
    tur éta Harisbaya,
    alona sinuhun,
    nu ngadeuheus bareng nyembah,
    jeung tarungkul artina pada saredih,
    welaseun ka gustina.

  1. Pihaturna pangulu jeung patih,
    kasinggihan pisan sadawuhan,
    awon teu kaunjuk baé,
    ungelna kitabna hukum,
    menggah lampah jalma muslimin,
    upami awéwéna,
    ka salaki nusud,
    najan sabaraha lilana,
    lamun henteu ditolak mah ku salaki,
    masih tetep tikahna.

  2. Pilahirna ratu ka ki patih,
    ayeuna mah rék unjukan heula,
    patih geura milih baé,
    jalmana anu cukup,
    baris mawa surat ti kami,
    ka sinuhun Mataram,
    sina terus maju,
    mulangna mawa walonan,
    gancangna téh nu mawa surat geus indit,
    teu kacatur dijalanna.

  3. Ka karaton Mataram geus tepi,
    sadatangna aya anu nampa,