Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
97
 

  1. Ku Girilaya enggeus ka galih,
    najan henteu sieun tatamplokan,
    ku pangeusi Cirebon,
    kutamaya dirurug,
    najan untung tapi kagalih,
    nyieun cua manahna,
    najan geus parabu,
    tapi éta Harisbaya,
    najan geulis réh papisah enggeus lami,
    dawuh ayeuna di nu lian.

  2. Moal pegat mangké cua galih,
    Harisbaya masih tedak sunan,
    lain awéwé anu hadé,
    lakuna hina nusud,
    wani téga tinggal salaki,
    hina taya kawirang,
    Girilaya nyaur,
    ka anu ngadareuheusan,
    para ponggawa rawuh pangulu jeung patih,
    dawuhan Girilaya.

  3. Ayeuna mah ku kami kapikir,
    moal owél ku si Harisbaya,
    awéwé nu goréng haté,
    ngan inget ka sinuhun,
    di Mataram anu maparin,
    ngaranna gé ganjaran,
    ti Kangjeng sinuhun,
    pertanda kami kamanah,
    kumawula ngaranna pangkat bopati,
    tanpa raos kacida.

  4. Lamun kami henteu gusal gasil,