Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
96
 

    seg rasakeun mangké ayay babalesna.

  1. Tepi ka jaman ayeuna,
    nu daratang ménak kuring,
    lamun jarah ka makamna,
    Aki Sayang hawu tadi,
    maké kangaranana batik,
    kudu bangsa nu ditinun,
    tapina jaman ayeuna,
    tara aya anu wani,
    jarah ka makam Jaya Perkasa.

  2. Makamna Jaya Perkasa,
    rupana istu pasagi,
    teu siga makam nu loba,
    téténggérna gé ngan hiji,
    babasan malawading,
    tanda dikuburna diuk,
    sakitu caritana,
    Aki Sayang hawu tadi,
    tedak catur aya nurun manurun.//40

22. Pupuh Dangdanggula


  1. Kacaturkeun nu keur pada sedih,
    Girilaya rawuh ponggawana,
    saeusi nagri Cirebon,
    réhna geus kapiunjuk,
    ku baladna para perjurit,
    nu kakara daratang,
    mareuntas ngarurug,
    ngarurug kutamaya,
    nu harirup pada mabur mariris,
    nu paéhna pirang-pirang.