Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
95
 

    ngan tahoyna henteu pati,
    jauhna ti dayeuh luhur,
    samalah ka carita,
    wasiatna wanti-wanti,
    talatahna kasakur anak incuna.

  1. Pokna lamun aing ajal,
    teruskeun pamenta kuring,
    kubur deukeut kayuyutan,
    rada béh kalér saeutik,
    jeung mangkéna mayit aing,
    dikuburna sina diuk,
    jeung ulah sina nangkarak,
    sabab aing henteu sudi,
    nyanghuluan ka lebah urut dunungan.

  2. Saréhna ti kabuyutan,
    ngalér ngulon saeutik,
    kana palebah bumina,
    dunungannana nu tadi,
    jeung talatahna deui,
    kuburan aing………
    ………………………………………
    ………………………………………
    papacuan ulah maké cara Jawa.

  3. Anu kasebut batikan,
    totopong atawa samping,
    karembong jeung salianna,
    anu kangaranan batik,
    kusababna aing ijid,
    ka Jawa Cirebon musuh,
    saha anu ngamaha,
    kana ieu papagon aing,