Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94
 

  1. Geusan Ulun jengkar ngejat,
    jeung lajeng nguncikeun bumi,
    ayeuna nu kacarita,
    Aki Sayang hawu indit,
    kawas anu henteu eling,
    bari ngomong turun jadu,
    wates ieu ngawula,
    moal ngawula deui,
    nu gumela henteu pisan katarima.

  2. Sakieu nya ngabélaan,
    sosoroh ngalebuh pati,
    angger ngagugu nangganan,
    manusa bohong jejerih,
    ngomongna bari eeurik,
    bari leumpangna téh ngidul,
    ieu téh panganggeusan,
    moal rék ngawula deui,
    kadunungan nu teu boga panarima.

  3. Sayang hawu bari leumpang,
    ngeuwah napsu liwat saking,
    mayitna Aki nangganan,
    pinuh kabalur ku getih,
    kabéh pada careurik,
    reujeung pada ngagugulung,
    nu araya di dinya,
    geus teu kacaturkeun deui,
    Ki nangganan mayitna geus dikaluwat.

  4. Ari Ki Jaya Perkasa,
    tonggoy atina sedih,
    tapi henteu kacarita,
    manéhna merenah cicing,