Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102
 
    tepi ka muarana,
    tepung jeung Cimanuk,
    ngalér terus ka segara,
    satadina wates tanah tepis wiring,
    Cirebon eujeung Sumedang.

  1. Ti kidulna ti wates Cikijing,
    ngalér nanjak ka gunung Ciremay,
    terus ka gunung koromong,
    ngalér terus ka laut,
    méngkol ngulon sisi basisir,
    ti kulon sapanjangna,
    Cilutung Cimanuk,
    ningal ayeuna buktina,
    éta tanah pameuli tolak nu tadi,
    nya éta Majalengka.

  2. Saapdeling anu lima distrik,
    kitu eatur riwayat Sumedang,
    kocap panghulu Cirebon,
    tina geus hasil maksud,
    tuluy baé pamitan balik,
    teu kocap dijalanna,
    ayeuna kacatur,
    Girilaya ngadagoan,
    ngarep-ngarep teu pegat beurang peuting,
    mang panghulu téh datangna.

  3. Girilaya harita keur linggih,
    rék ningali panghulu jol datang,
    kalangkung manahna kagét,
    bengong ningali penghulu,
    panghulu téh nyembah ngabakti,
    gancang dipariksa,