Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
103
 
    tuluy kapiunjuk,
    dina salaku lampahna,
    ka Sumedang nepi kana ninggang hasil,
    nya éta kanugrahan.

  1. Girilaya banget suka galih,
    meunang tanah sakitu legana,
    tambah jajahan Cirebon,
    tina kasiwuh mujur,
    tuluy baé Kiyai patih,
    ngumpulkeun ponggawana,
    dipayuneun ratu,
    ganeangna téh didawuhan,
    sakabĕhna eara nu disebut tadi,
    di Cirebon tambah lega.

  2. Sigeung anu eukeur suka galih,
    Girilaya awit manggih duka,
    sarĕh garwa ta ngalolos,
    saayeuna geus lipur,
    sakumaha kasebut tadi,
    duka gantina suka,
    eaturna pitutur,
    ayeuna nu kaearita,
    Geusan Ulun geus tetep sugema galih,
    ngagarwa ka Harisbaya.

  3. Ayeuna eaturkeun deui,
    Raden Emas Paneawara téa,//43
    nu tinggaleun di Cirebon,
    geus lila tuluy nyusul,
    ka rakana numutkeun galih,
    harita Harisbaya,
    geus didayeuh luhur,