Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
104
 
    Pancawara manggih geunah,
    bumen-bumen tetep heunteu mulih deui,
    malah tedak-tumedakna.

  1. Ayeuna anu dibalikan deui,
    Raden Harisbaya sasumpingan,
    ka Sumedang eukeur bobot,
    saharita kasebut,
    ngadengna geus dua sasih,
    tina rada geus lawas,
    jadi ninggang waktu,
    itungan nu ngandek tĕa,
    lajeng babar wilujeng anu pinanggih,
    jeung pameget putrana.

  2. Geusan Ulun langkung suka galih,
    kitu deui Ratu Harisbaya,
    dimomong murangkalih téh,
    anggepna Geusan ulun,
    pangraosna putra pribadi,
    mangké dina ageungna,
    namina disebut,
    Raden Suriadiwangsa,
    kaearita Geusan Ulun lami-lami,
    putraan baranahan.

  3. Ari putra nu sepuh pribadi,
    enya éta putra Harisbaya,
    diahirna nu ngagentos,
    kang rama Geusan Ulun,
    kalungguhan jadi bopati,
    nurun jenenganana,
    ngaganti jadi bopati,
    .................