Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
105
 
sawafatna ramana.


27. Lambat-lambat jumenengna bopati,

Geusan Ulun nepi kasepuhna,
kaeatur cindekna baé,
Geusan Ulun téh pupus,
dugi ajal di jaman,
ahir nya kitu Harisbaya,
kaeatur geus pupus,
teu pajauh ti rakana,
ninggang kana basa awét laki rabi,
tepi kanganggeusanana.

23. Pupuh Asmarandana

1. Makam Geusan ulun tadi,

rawuh makam Harisbaya,
teu pajauh tempatna téh,
saban nu jarah sadaya,
kampang kaduanana,
urut kota dayeuh luhur,
nya éta didinya pisan.

2. Ayeuna malikan deui,

turut uninga sajarah,
garwana Geusan Ulun téh,
kakocapkeun aya dua,
disebut jenenganana,
nami Nyimas Gedeng Wam,
putrana susunan pada.

3. Ti dinya putrana deui,

pameget ogé putrana, // 44
anu mangké ahirna téh,
anu ngaganti rakana,