Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
106
 
bupatina ti Sumedang,

dina sajero disebut,
Pangeran Rangga gede téa.

4. Putra Geusan Ulun tadi,

nu aya dina sajarah,
henteu dikoeapkeun kabéh,
tatapi tedak tumedak,
réa pisan nu rundayan,
ieu mah anu kacatur,
ngan éta baé nu dua.

5. Ari rakana nu tadi,

anu ti Harisbaya,
teu lila jumenengna tĕh,
miturut earitaan mah,
wafatna gé di Mataram,
keur séséba ka sinuhun,
jeung ninggalkeun dua putra.

6. Duanana putra istri,

henteu mulang ka Sumedang,
tangtu aya rundayan téh,
sareh Pangeran Sumedang,
koeapna di Mataram,
dipiasih ku sinuhun,
kongas kagagahannana.

7. Dalah nepi ka kiwari,

henteu pegat earitana,
jeung kasebut makamna tĕh,
di desa Bembem ayana,
taya anu pada jarah,
ku urang dinya disebut,