Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
107
 

    makamna kasumedangan,

  1. Réa pangagung ningali,
    di Solo reujeung di Yogya,
    éta pangeran Sumedang téh,
    wafatna nya di Mataram,
    nalika jamanna kuna,
    éta riwayat saistu,
    pantes lamun dipercaya.

  2. <poem>
  3. Ayeuna malika deui,
    bopatina di Sumedang,
    Kangjeng Pangeran Ranggagede,
    geus putraan baranahan,
    jeung kami jumenengna,
    ngalihna ka dayeuh luhur,
    kawetaneun kutamaya.

  4. Ngarana sisi cai,
    lega lempar lalahanna,
    ka kurilingan Cipeles,
    rapet ka kota ayeuna,
    sabeulah kalér wétan,
    malah kaitung kaasup,
    sisina kota ayeuna.

  5. Ayeuna malikan deui,
    supaya sakabéh terang,
    satadi babad Cirebon,
    teu bisa laju jalanna,
    kuloneun lembur godang,
    kapegat ku gunung batu,
    jeung ngadadak maruriang.