Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
109
 
16.

ayeunana Tegal Kalong,
rapet ka kota ayeuna,
sabeulah kalér wétan,
malah kaitung kaasup,
sisina kota ayeuna.


17.

Wates ieu nu digurit,
ari babad Sumedang mah,
jadi masih panjang kénéh,
ari ieu babad kuna,
supaya pada terang,
asal tedak Geusan Ulun,
ieu babad diguritna.


18.

Beunang Dalem Adipati,
Aria Martanegara,
pangarang ieu babad téh,
minangka nyieun pusaka,
kang putra jeung wayah,
ngayuh berkahing karuhun,
tedak tumedak Sumedang.


19.

Pépéling tamat ngagurit,
ngarang babadna Sumedang,
nuju dina dinten senén,
bulan pebruari tanggal,
genep welas tahun,
sarébu salapan ratus,
dua puluh di Sumedang.


20.

Paraluna keeap abdi,
bilih aya kecap kirang,
ulah kirang tawakuf baé,
wantu nyeratna keur pakan,