Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
110
 
haté keur pagaliwota,

paeampur eujeung ngalamun,
masyaalloh nu kawasa.

21. Sareng muga jisim abdi,

ka sadaya para sembah,
luluhur Sumedang téh,
abdi anu kamawerat,
nyeratkeun ieu hikayat,
neda agung nya paralun,
neda panjang nya hampura.

Tamat sambung Kinanti // 46

24.Pupuh Kinanti

1. Neda agung nya paralun,

ieu nyerat jisim abdi,
ngan baé tamba lumayan,
eukeur ngabibingah ati,
ati nu matak gumira,
gumira badan pribadi.

2. Tamba poék loba bingung,

bingung nu sulaya pikir,
matak ku urang bibingah,
saban peuting kersa ngawih,
sugan moal loba susah,
susah tong pati dipikir.

“Ieu earita babad Sumedang perang raja pada raja”
“nya éta Girilaya perang jeung Geusan Ulun........”
“Girilaya negarana Cirebon pusakana..............”
“Geusan Ulun nagarana Sumedang pusakana..........”