Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12
 
9. Sahadat kalima kalih,

manahna ulah deuk salah,
hantem pikir ulah weléh,
nya éta Muhammad Allah,
tunggal wujud tingkah polah,
pokna sifat dua puluh,
yén wajib wujudna Allah.

10. Ieu caritana nabi,

waktu ditumnan Qur’an,
yuswa nabi harita téh,
opat puluh tahun yuswana,
di dinya geus kasumpingan,
malak jabrail nyandak wahyu,
éta pangandika Alloh.

11. Tapi timbalan Yang Widi,

henteu basa teu soara,
sarta nungtut turunna téh,
ngan saayat sakalimah,
jabarail éta nu nyandak,
tah éta cék Qur’an kitu,
kumaha éta nyandakna.

12. Susah pisan teu kaharti,

kumaha éta nyandakna,
timbalan Gusti Yang Manon,
henteu basa teu soara,
éta téh bingung kacida,
tatapi ku kangjeng rasul,
timbalan enggeus katampa.

13. Jeung deui umurna nabi,

sawidak tilu yuswana, // 7