Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
13
nabi pupus Qur’an seep,

malaikat teu nurunan,
putus ajalna Muhammad,
kangjeng nabi lajeng pupus,
Gusti Alloh teu nurunan.

14. Lamun urang teu ngaharti,

rasa éta pereeumah,
sabab ngaji mistina téh,
nomer hiji kudu terang,
kana sudana kitab,
kadua kudu ma’lum,
kana sandana kitab.

15. Péndékna urang téh ngaji,

teu ngarti hamo ngoja,
sabab sok ngandel ka béja,
sulaya reujeung paneja,
babasan kitab dipuja,
ngan basana nu dipaju,
tah éta ngan wungkul béja.

16. Rasiahna teu kaharti,

yén éta timbalah Alloh,
sabab timbalan Alloh téh,
henteu basa teu soara,
tah éta ngaran rasiah,
sumangga manah sing istu,
hal éta timbalan Alloh.

17. Sabab wujudna Yang Widi,

henteu anggang jeung kawula,
deukeut pisan teu paeantél,
basana gusti kawula,