Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
14

kawula gusti nyatana,
kanyataannana wujud,
tah ieu nu keur ngawaja.

18.

Ngan poma-poma sing buni,
nyumputna di tempat négrak,
tapi henteu katémbong,
komo mun buni nyumputna,
.......................
cacakna caang teu timu,
sabab ningal nu ningalan.

19.

Lahaula téh manggagalih,
pokna teu daya upaya,
kabéh kersana Yang Manon,
tah éta geura manahan,
geura kieu upamana,
dalang jeung wayang sing istu,
tingali éta polahna.

20.

Kabéh gé polahna ringkit,
nya éta polahna dalang,
wayang taya polahna téh,
obah jeung usikna wayang,
nya éta ku ki dalang,
tatapi wayang mung (...),
ka dalang taya petana.

21.

Atawa wayang téh muji,
ka dalang taya petana,
sabab taya polahna téh,
kitu deui tékad urang,
ka Alloh lamun ( ... ),
hamo bisa muji sukur,