Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15

sabab teu daya upaya.

22.

Tah éta sumangga galih,
ceuk lapadna lahaula,
urang teu daya sakabéh,
naha saha anu daya,
kapan urang mah teu pisan,
lamun polahna Yang Agung,
naha bet disiksa.

23.

Anu disiksa téh diri,
disiksa ku pamolahna,
ditakon éta ku omong,
nya éta lampahna ala,
geuning cék agama sarang,
nu islam perdu guguru, // 8
nya guru ka nu sampurna.

24.

Téangan ilmu nu pasti,
jeung guru anu sampurna,
tah éta mana nu yaktos,
basa guru nu sampurna,
jeung ilmu nu pasti mana,
manahan baé ku kalbu,
meungpeung anom sing uninga.

5. Pupuh Sinom

1.

Ayeuna gentos carita,
nyarioskeun para wali,
éta patékadannana,
nya éta susunan qolil,
nalika miwejang ilmi,
nya éta pangéran kudus,
éta téh timbalanana,