Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
16

éh kudus ayeuna kami,
seja nanya nu nyiksa jeung nu disiksa.

2.

Saha éta anu nyiksa,
eroh atawana jisim,
lamun disiksa erohna,
kapan tunggal jeung Yang Widi,
lamun disiksa ki jisim,
kapan teu aya sarambut,
tingkah polah éta badan,
tah kudus masing kaharti,
satemena nu nyiksa jeung nu disiksa.

3.

Jeung alam kubur téh mana,
geuning carék hadis nabi,
kuburan téh diastana,
lamun kitu éta taqlih,
sabab astana mah bumi,
dunya kénéh éta kubur,
tah éta mana terangna,
alam kubur anu yakin,
ceuk manusa hayang lega pakuburan.

4.

Tah éta mana rupana,
ulah dipandang dipinding,
pangéran kudus haturan,
nun gusti teu hilap deui,
geus henteu borong sang Yogi,
sim abdi neda piwuruk,
sunan kali seg nimbalan,
éh kudus deuk wakca kami,
satemenna nu nyiksa jeung nu disiksa.

5.

Anu nyiksa téh kalbuna,