Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
17

anu disiksana jisim,
tapi jisim jeung kalbuna,
teu béda pisan saeutik,
terangna éta sahiji,
enya jasa enya kalbu,
enya adam enya nyawa,
enya eroh nya Yang Widi,
saibarat iwak lauk sareng ikan.

6.

Tatapi poma sing awas,
bisi salah nya pamilih,
sabab tékad pat perkara,
anu dijieun mimiti,
saréat nomer kahiji,
nomer dua tarékatu,
nomer katilu hakékat,
nomer opat ma'rifati,
istu tunggal opat sotéh caritana.

7.

Saréat panarimana, // 9
Alloh téh nya éta rayi,
Muhammad éta abdina,
ceuk tarékat Alloh dati,
Muhammad éta sifati,
ceuk hak mah Muhammad wujud,
enya éta sifatulloh,
ceuk ma'rifat mah geus yakin,
henteu lian nu wujud anging Pangéran.

8.

Anu matak opat tunggal,
teu beunang pisan dipilih,
lamun milih éta salah,
ceuk Jawa mah ora olih,
geura mangga baé pikir,