Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18

pokna sifat dua puluh,
ceuk sama sareng samiun,
besar basiran ningali,
sifat alam nya éta mutakaliman.

9.

Ngareungeu nu ngareungeuna,
ningali anu ningali,
ngandika anu ngandika,
tah éta terang téh teuing,
lamun urang teu ngarti,
jalma medem liwat langkung,
sakitu éta terangna,
liwat ti ieu moal manggih,
lian ieu néangan hamo mendakan.

10.

Nepi kabongkok néangan,
éta hamo pisan manggih,
sabab susah néangannana,
éta téh néangan Gusti,
sabab susah manggih bukti,
tatapi wajibul wujud,
demi Alloh rasulullah,
tah éta sumpah téh yakin,
mangga manah éta sumpah téh hartina.

11.

Geura lamun geus kamanah,
gumujeng meni ngagikgik,
sabab basana karasa,
ditéték kabéh ka titik,
ngan poma sing ati-ati,
béréskeun baé ku kalbu,
jeung aya tilu babasan,
poma-poma sing kaharti,
nista maja utama nu katiluna.