Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
19
12.

Basa nis éta teu aya,
basa taya tana diri,
basa jawujudna jasad,
utama lengkepna diri,
sajatina basa nis,
teu aya acan wujud,
basa tawujudna jasad,
utama-utama diri,
mangga manah basa nu tilu perkara.

13.

Tah éta ngaran agama,
basa garaga sajati,
basa mah nya éta asma,
nya éta ngaranna diri,
nu matak urang téh misti,
milampah agama rasul,
rasul téh nya éta rasa,
nya éta rasana diri,
basa diri nya éta salira urang.

14.

Ari Alloh téh nyatana,
jumenengna éta hurip,
rupa Muhammad téh rohna,
adam rupana téh jisim,
tah éta téh manggagalih,
sahiji diitung tilu,
Alloh Muhammad Adam,
yaktosna mah ngan sahiji,
saibarat iwak lauk miwah ikan.

6. Pupuh Kinanti

1.

Alloh taala keur nyaur,
ka malaikat ijroil,// 10