Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20

éh ijroil kami nanya,
perkara mahluk sabumi,
geus prak dicabut nyawana,
éta sadaya geus mati.

2.

Malak ijroil piunjuk,
nun gusti parantos mati,
sadaya parantos hilang,
hanteu aya anu kari,
ngan kantun malak nu opat,
nya éta nu makarabin.

3.

Hiji malak jabrailu,
kadua malak minkail,
israpil nu katiluna,
kaopat malak ijroil,
tah éta ngantos timbalan,
kumaha karasa Yang Widi.

4.

Timbalan Gusti Yang Agung,
ayeuna malak ijroil,
geura prak cabut nyawana,
ku manéh malak ijroil,
énggal malak ijroil,
kersana ka gusti amit.

5.

Malak ijroil pék nyabut,
deuk nyabut malak minkail,
jeung isropil kaduana,
katilu malak jabrail,
ti dinya pék salirana,
ijroil nyabut pribadi.

6.

Tah éta matak bingung,