Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
21

nyabutna malak ijroil,
lamunna enggeus baheula,
meureun taya bumi langit,
jeung sadaya mahluk sirna,
tah iraha nu sayakti.

7.

Lamunna enggeus dicabut,
naha aya kénéh geuning,
bumi langit jeung eusina,
mahluk Alloh dina bumi,
naha geuning masih aya,
saupama enggeus mati.

8.

Tah mangga manah sing éstu,
ulah mangmang masing yakin,
upama acan uninga,
naros ka guru nu mursid,
hartina mursid sunjaya,
basa sunjaya mangarti.

9.

Naros ka guru nu lepus,
ditaros teu empas empis,
sababna hamo ka papas,
kana ilmu enggeus tapis,
enya éta enggeus awas,
ilmuna manglapis-lapis.

11.

Geura pék naros ka guru,
supaya jadi kaharti,
hakékatna bab kiyamat,
poma ulah salah tampi,
kiyamah awak sapata,
kiyamah alam saparin.