Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22
11.

Tapi guru nu geus ma'lum,
nya éta nu mukarabin,
nya éta malak nu opat,
sahiji malak jabrail,
kadua malak minkail,
isropil opat ijroil.

12.

Tah éta malak sakitu,
éta kabéh mukarabin,
upama enggeus kiyamah,
kumaha mungguuh Yang Widi,
éta kumaha kersana,
sabab dunya mah berenti.// 11

13.

Ieu ganti nu dicatur,
kocap nabi sang sinelir,
nalika anjeunNa mi'rad,
angkatna ka tujuh langit,
sareng ningali naraka,
nu disiksa ting jarerit.

14.

Naraka pating arampud,
ngagolak tepi ka langit,
angkatna nabi Muhammad,
ku malaikat diiring,
anu ngiring henteu anggang,
ngiring lampah kangjeng nabi.

15.

Tah éta tacan ka ma'lum,
rehing nya éta teu harti,
naha ari dina kitab,
pertéla pisan geus muni,
tapina tacan disiksa,
tacan nepi ka yaumil ahir.