Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
23
16.

Kakara disiksa kubur,
enggeus asup ka yamani,
naha ari dina mi'rad,
Kangjeng nabi geus ningali,
umatna anu disiksa,
di jero éta naraki.

17.

Tah éta susah kalangkung,
na mana atuh nu misti,
nya percaya dina tékad,
sabab éta masing-masing,
susah iman kana kitab,
heunteu cocog pokna (...).

18.

Tah mana anu digugu,
sabab kabéh saur nabi,
tah éta téangan hakna,
supaya jadi kaharti,
mun teu ngarti hamo percaya,
kana kitab nu geus muni.

19.

Tah urang perlu guguru,
supaya jadi kaharti,
hakékatna bab kiamat,
kiamat alam sogirin,
kiamah alam sapata,
nya éta ngaranna hati.

20.

Mati meta ropu metu,
éta poma sing kaharti,
metu meta mati mulya,
metu teu waluya diri,
suka duka dina meta,