Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25
5.

Bismillah anu mimiti,
Sundana éta bismillah,
jenengan datulloh yaktos,
tegesna datulloh éta,
anu ngucap nu diucap,
pangucap Muhammad tuhu,
nyatana kami nu ngucap.

6.

Pangucap kawula pasti,
Pangucap Alloh enyana,
ngucap nu diucap téh,
nya Alloh éta déwékna,
nya ngucap nya nu diucap,
rohman tegesna dicatur,
sing pertéla ngamanahan.

7.

Ari Sundana rohmani,
nya Muhammad murwa urang,
sarta reujeung nyatana téh,
enggeus nyata manéh éta,
nya dat sifat kami téa,
asma af'al kami tangtu,
teu béda reujeung manéhna.

8.

Minangka gaganti kami,
sabab kami henteu nyata,
Muhammad kami nyata téh,
sabab ayamanéh téa,
Sundana Alhamdulillah,
Muhammad jeneng datulloh,
muji pinuji déwékna.

9.

Jumeneng Alloh nu muji,