Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26

nu muji Alloh anjeun-Na,
murad robilalamin téh,
Muhammad Alloh Pangéran,
sajagat sakabéh alam,
nyaho lahir batin mahluk,
nya kami anu uninga.

10.

Sundana rohmanirrohim,
pangabisa kami éta,
kabisa manéh nu yaktos,
kaayaan manéh téa,
nyatana mah kami pisan,
sirna awak manéh tangtu,
enggeus nyata jadi tunggal.

11.

Murad maliki yaumiddin,
nya Muhammad sategesna,
ari karaton kami téh,
kaayaan manéh téa,
tunggal reujeung manéh pisan,
kami teu jumeneng ratu,
mun teu kalawan manéhna.

12.

Jumeneng kami téh misti,
jumeneng kalawan manéhna,
éta kitu jumeneng téh,
iya kana'budu Sundana,
rupa Muhammad téh urang,
panyebut manéh saistu,
jumenengna kami pisan.

13.

Anu nyembah enggeus pasti,
nyatana Alloh nu nyembah,
Alloh nu nyembah déwék,