Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
27

sategesna nya Anjeun-Na,
manut pada ngareujeung caang,
tah siloka sangkan gulung,
ulah géséh panarima.

14.

Jeung waiya kanastain,
sategesna Muhammad nyatana,
nu jadi gedong kami téh,
anu aya di manéhna,
Muhammad kakasih téa,
nyatana manéh saéstu,
Muhammad jadi tunggal.// 13

15.

Ulah kajongjonan teuing,
nu ngatos ieu wawacan,
ulah nganggit lagu baé,
teu hasil kudu di manah,
larapkeun kana salira,
geus kamanah saé tuluy,
bari nembang dangdanggula.

8. Pupuh Dangdanggula
1.

Jeung ihdinashshirotol mustakim,
sategesna Muhammad tuduhna,
nu jadi ganti kami téh,
nyata da manéh saéstu,
kabéh nyata manéh téh kami,
geus hanteu aya bédana,
kami téh jeung manéh kitu,
Sundana sirotolladzina,
Muhammad téh nyata kami anu yakin,
manéh téh nya kami pisan.

2.

Ari Sundana an'amta alaihim,