Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28
 

nya Muhammad margana suka,
enggeus nyata aya manéh,
enya éta nabiyu,
ari éta wali mu'min,
bijilna ti manéhna,
sabab manéh tangtu,
minangka jadi bapana,
babu eroh sakabéh sabab ku kami,
nu dijadikeun ti heula.

3.

Kapan jadi panimbangan kami,
goiril magdubi alaihim,
Sundana Muhammad tegesna manéh,
lain kami enggeus tangtu,
kami lain manéhna deui,
tatapi henteu antara,
kami manéh kitu,
ari waladdolin Sundana,
héy Muhammad geus taya itungan kami,
éta téh enggeus manéhna.

4.

Kami moal jumeneng pribadi,
lamun henteu kalawan manéhna,
teu jeung kanyataan kami téh,
geus aya manéh kitu,
enya éta teu aya kami,
henteu kalawan manéhna,
hamo nyata tangtu,
ayana nyata manéhna,
tunggal nyata manéhna téh reujeung kami,
teu aya pisan bédana.

5.

Sundana amin Muhammad éta pasti,
rasa kami rasa manéhna,