Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29

tumbal rasa hiji kénéh,
nya rasa manéh nya rasa istu,
anu jadi timbangan kami,
nya kami nya manéhna,
tunggal kami istu,
henteu béda kanyataan,
kanyataan kami tunggal jadi hiji,
nyata téh reujeung manéhna.

6.

Anu maca fatihah téh misti,
lamun ieu jatining fatihah,
éta manusa mun maot,
cariosan pitutur,
maotna leuwih patitis,
hanteu aya papadana,
ni'matna lalangkung,
éta bumi anu nampa,
enggeus pasti henteu kuat nyangga mayit,
teu kumambang mayit éta.//14

9. Pupuh Maskumambang
1.

Éta tafsir fatihah anu sajati,
hartina jatina,
kasebut teu béda deui,
Kangjeng nabi jeung umatna.

2.

Pék téangan di dunya saméméh mati,
téangan hirup,
taya hawa hurip pribadi,
patina héwan balaka.

3.

Di batin mah mo bisa néangan ilmi,
kantun kaduhungna,
nu iman mah tanpa muni,