Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
49
 

    bawaning ku pageuh tékad,
    banget nedana ka Alloh,
    najan anak ahli naggung,
    nyusulan wali auliya.

  1. Karana tékadna inggil,
    henteu aya sulayana,
    pageuh ngésto ka Yang Manon,
    sareng ka nabi Muhammad,
    narimakeun yén umatna,
    beurang peuting nu diistu,
    Alloh Muhammad lan adam.

  2. Sing nyaho jatining hurip,
    reujeung sajatining islam,
    mungguh lalaki awéwé,
    kudu pada aruninga,
    mun narima umat Muhammad,
    reujeung sajatining rosul,
    téangan dina salira.

  3. Sajatining adam (....)
    éta kudu aruninga,
    geuwat kahkar dina hatĕ,
    sasaran masing karampa,
    geus karampa tuluy cangcang,
    bisi tuluy kabur jauh,
    leupas ti jero kandangna.

  4. Mun leupas hanjakal teuing,
    kamana néangannana,
    utag atog henteu nyaho,
    tuluyna saparan-paran,
    tĕh éta kudu dimanah,