Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
48
 

    inaAlloh taalah,
    alal kuli syai’in qodir,
    wallohu tabaroka wata’alah.

  1. Yuridu anyukrimurda,
    min waladin adami,
    anla wajalalloha,
    ditarima lahir batin,
    wejang ama ka sim abdi,
    sumuhun sapucuk rambut,
    dicangcang lebeting manah,
    wejang ama ku sim abdi,
    geus teu samar pageuh batan bumi alam.

14. Pupuh Asmarandana


  1. Mana réa jalma,
    leuwih ti jalma nu réa,
    bisa nyegah napsuna tĕh,
    nyegah saré reujeung dahar,
    ngawarah awak sorangan,
    lila-lila ku Yang Agung,
    disidikkeun paningalna.

  2. Reungeukeun ku agus deui,
    carita anu utama,
    nu dirahmat ku Yang Manon,
    jalan tina lampah mulya,
    nabi wali sadayana,
    mana darajatna luhur,
    tegesna kakasih Alloh.

  3. Lampahna tingali nyaring,
    ti beurang teu pati dahar,
    ngarep-ngarep sih Yang Manon,