Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
47
 

    éta mah kantenan mulya,
    diri badag masih kari.

  1. Ningali di jero kurungan,
    nu ditingal kantenan mulya pribadi,
    bari ngawujudkeun guru,
    éta dihareupeun urang,
    tatkalana tungkul bari maké sugul,
    nama dikir akmaliyah,
    jalan satariyah sami.

  2. Raga agus téh diluar,
    nyaah temen tangtu dihakanan cacing,
    qur’an fatihah nu punjul,
    agus téh mudu ka dinya,
    jalan balik bismillah kudu ka urut,
    akar tangkal dahan buah,
    ragarag pucuk taya nu kari.

  3. Jumeneng ratu geus nyata,
    raga agus jauh deukeut ngeunah cicing,
    (.......) lir surya muru,
    rangkeun dua (......),
    cahayana taya dua taya tilu,
    alang sasi gilang gumilang,
    leuwih tina kilat tat tit.//22

13. Pupuh Sinom


  1. Syéh daka lajeng ngandika,
    kaulanun rama gusti,
    piwejang rama kateda,
    Alhamdulillahilladi,
    walal akromubillah,
    mulya abdi mulya ratu,