Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46
 

    reungeukeun piwuruk ama,
    nu mangangkeun aing Alloh anu luhur,
    tangtu jadi raja sétan,
    tangtu balik dua kali.//21

  1. Regepkeun papatah ama,
    papacuan ngaji hak lamun teu silik,
    sembahyang baé sing suhud,
    mun suhud sambahyang sah,
    yén kapanggih nya éta jalan alhamdu,
    qur’an geus jadi fatihah,
    tuluy kana bismillah.

  2. Nya jalan kudu ka dinya,
    eta agus bismillah kudu kaharti,
    tingkah polahna geus suwung,
    jumenengna maha mulya,
    mudu kitu agus téh bisi kasarung,
    ari sifat kalidasa,
    teu kenging dianggo margi.

  3. Ngan agus mudu uninga,
    persambungan sifat dua puluh pasti,
    ti rama sareng ti ibu,
    jeung persambung ti pangéran,
    bagi opat éta anu dua puluh,
    sawiyah eujeung nafsiyah,
    mawani manawiyah.

  4. Bagikeun deui nu opat,
    enya éta anu jadi tingali,
    (...) ngaranna geus kumpul,
    nya éta istigna,
    jadi lapad illaha ilallohu,