Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
45
 

    lebur raga badag téh enggeus leungit,
    rahayat kabéh geus sujud,
    henteu aya nu kaliwat,
    ti jauhna ti deukeutna enggeus kumpul,
    tegeskeun jadi juragan,
    juragan asih ka abdi.

  1. Abdi asih ka juragan,
    éta agus kitu anu jadi gusti,
    syéh daka lajeng ngadawuh,
    kaulanun kangjeng rama,
    geus katampi piwulang rama sakitu,
    nyusul hatur deui putra,
    kumarasa jadi gusti.

  2. Syéh alim lajeng ngandika,
    syukur bagja putra ama nu berbudi,
    ari anu jadi ratu,
    geus taya pisan ka susah,
    agus diuk tatapi agus teu lungguh,
    éta agus anu angkat,
    tapi agus cicing-cicing.

  3. Juragan nu musik molah,
    enya éta tegesna ilmu sajati,
    tegesna jatina kitu,
    karana enggeus waspada,
    di rahayat anu geus kocap di pungkur,
    lapad ma’na enggeus béak,
    geus ringkes jadi sahiji.

  4. Agus téh bisi kasasar,
    lamun lain tina jalan mudu harti,
    pati sih agus ka gunung,