Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44
 

  1. Surupkeun kana bismillah,
    enya éta bismillah surupkeun deui,
    ka alif goib tangtu,
    tah kitu abad-abadan,
    anu jeneng lamun geus timu sakitu,
    enggeus ajeg jeneng adam,
    tegesna islam sajati.

  2. Nu ngaran tatakrama,
    enya éta ngalainkeun kanu lain,
    ngaenyakeun nu saistu,
    mandaka seug ngawalonan,
    kaulanaun piwejang ama sakitu,
    dicangcang sapu caking rema,
    ditungkus sajeroning ati.

  3. Kaulanun kangjeng rama,
    pangwejang kang rama enggeus kaharti,
    kumaha nu jeneng ratu,
    atawa nu jadi raja,
    mangga rama abdi wuruk nu saistu,
    syéh alim lajeng ngandika,
    syukur agus geus kaharti.

  4. Geus hadé tatakrama,
    raga agus ditarima ku Yang Widi,
    tangtu pisan meunang asup,
    raga badag teu paséa,
    enggeus titis patitis lamun,
    geus kitu nyawa daék ka asupan,
    karana enggeus beresih.

  5. Éta geus jeneng juragan,