Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
43
 

    kapan rama geus wewekas,
    salang surup asup bijil,
    pungkur tah masih rumingkang,
    tacan kaharti ku ati.

  1. Syéh alim lajeng miwuruk,
    kaputar-putar anu berbudi,
    ajang masing awas pisan,
    reungeukeun masing kaharti,
    ari jalan nu mangpaat,
    ka diri awak pribadi.

  2. Surupkeun kana alhamdu,
    éta agus kudu harti,
    surupkeun masing waspada,
    alhamdu surupkeun deui,
    surupkeun kana bismillah,
    bismillah surupkeun deui.

  3. Kana alif goib tangtu,
    nya éta kudu kaharti,
    tah kitu adab-adaban,
    ku agus kudu dipikir,
    masing datang ka enyana,
    supaya salamet diri.

12. Pupuh Pangkur


  1. Syéh alim lajeng ngandika,
    ka putrana reungeukeun masing kaharti,
    ari jalan nu berilmu,
    anu mangpaat ka awak,
    tina qur’an surupkeun kana alhamdu,//20
    surupkeun masing waspada,
    alhamdu surupkeun deui.