Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42
 

    najan déog séngkol miskin,
    sumawona anu jagjag,
    tangtu kumpul ka bopati.

  1. Hadé tatakrama kudu,
    tah jalanna qur’an nul adim,
    sanggeus jol na tina qur’an,
    jalanna kana pati mati,
    tah adeg gusti Muhammad,
    tunggal kersana Yang Widi.

  2. Surupkeun kana alhamdu,
    basa hadé tatakrama,
    gampang nyabut wujud tunggal,
    pikir heula sing kaharti,
    éta jalan pamuruan,
    mudu kana bismillah.

  3. Teges balik ka alifu,
    nu bisa ngalebur diri,
    sanggeusna balik ka dinya,
    managgung ngalebur diri,
    tah ngaran nincak hambalan,
    hadéna enggeus beresih.

  4. Pék agus geura melebu,
    lamun tina geus kaharti,
    syéh daka pék kawalonan,
    rama abdi tacan harti,
    meuleubet ka nu duaan,
    sim abdi nyuhunkeun harti.

  5. Syéh alim lajeng sumaur,
    kutan agus tacan harti,